Selasa, 14 Agustus 2012

SEJARAH SINGKAT MAJALENGKA

Majalengka katelah daerah atawa kota anu miboga waktos langkung panjang. Numutkeun beberan ti narasumber, dina abad ka-15 anu ayeuna nami Majalengka, nangtung hiji karajaan Hindu, nyaeta Karajaan Sindangkasih.
Di sakitar tahun 1480 M, Desa Sindangkasih di Ratuan ku anu jenengannana Nyi Rambut Kasih katurunan Prabu Siliwangi anu pageuh nganut Agama Hindu. Ratu masih dulur sareng Rarasantang, Kiansantang sareng Walang Sungsang, anu lebet Agama Islam.
Timana asal ratu di dicaritakeun. Namina Ratu Nyi Rambut sabagian aya nu nyebut Nyi Ambet Kasih anu marentah nagara kalayan bijaksana nu ngajadikeun Nagara Sindangkasih hiji daerah anu aman makmur, Gemah Ripah Loh Jinawi Tata Tentrem Kerta Raharja. 
Rahayatna hirup aman santosa jadi Sindang Kasih meunang gelar sugih mukti anu boga harti beunghar jeung meunang kabagjaan atawa bungah rahayatna. Rahayat Nyi Rambut Kasih lolobana migawe tatanen anu utamana nyaeta melak pare.
Sabagian daerahna nyaeta paleuweungan. Di jero paleuweungan eta salain tina tangkal kayu jati tapi pinuh oge ku tangkal buah maja. Dahan tangkal buah maja lempeng jeung luhur-luhurna dauna leutik jeug rasana pait anu hasiatna pikeun obat panyakit demam. Buahna sarupa jeung buah kawista tapi kulitna rada hipu eusina kawas boled jenis “nikrom” nu sok di beuleum atanapi dibubuy.
Antara tahun 552 – 1570 Cirebon dipimpin ku sa urang wali nyaeta Syarif Hidayatullah Anu disebut Sunan Gunung Jati. Dina waktu harita urang Cirebon ka serang ku panyakit demam nu kacida hebatna jeung loba nu korban. Sunan Gunung Jati ngutus putrana sina indit ka nagara Sindangkasih pikeun neangan buah maja keur ramuan obat keur ngawaraskeun rahayatna – sakaligus keur nyebarkeun Agama Islam.
Pangeran Muhamad angkat nuju ka Sindangkasih disarengan ku istrina nyaeta Nyi Siti Armilah.
Nyi Rambut Kasih Ratu Sindangkasih nu waspada paromana tinggal geus nyaho, rek kadatangan utusan Sunan Gunung Jati. Manehna henteu rela daerahna ditincak anu nganut Agama Islam. Sa encanna kapanggih jeung Pangeran Muhamad, leuweung Sindangkasih anu tadina pinuh ku tangkal maja ngadadak leungit rupa jadi leuweung geledegan teu aya hiji oge tangkal maja di leuweung eta. Pangeran Muhamad kaserang istrina ngarasa kacida jeung kaget, sa eunggeus datang ka Sindangkasih nyatana buah maja teh leungit atawa langka. Tiharita anu diucapkeun ku Pangeran Muhamad jadi buah majaẻ langka, nepi ka ayeuna jadi Majalengka.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar